“Allah akan meninggikan orang-orang yang beriman di antaramu dan orang-orang yang diberi ilmu pengetahuan beberapa derajat. Dan Allah mengetahui apa yang kamu kerjakan” (al-Mujaadilah: 11)

Kamis, 14 April 2011

RIWAYAT NABI IDRIS AS.
             Diantawisna nabi sareng rosul anu wajib dikanyahokeun nyaeta Kangjeng nabi Idris as.. Kangjeng nabi Idris dilahirkeun sareng ageung di Babilonia, anjeunna diangkat jadi rosul ku Alloh dina yuswa dua puluh dalapan tahun, anjeunna kalebet tina sapalihna nabi anu ngawitan nampi wahyu ti malaikat Jibril saseueur tilu puluh shihifah, anu eusina pituduh-pituduh ti Alloh geusan dugikeuneun ka umat anjeunna.
            Dina waktu anomna , Kangjeng nabi Idris seueur nala’ah kitab-kitab Alloh anu dilungsurkeun ka Kangjeng nabi Adam as sareng Kangjeng nabi Sis, oge anjeunna kalebet tina sapalihna nabi anu pinter nulis sareng maca, nyakitu deui ahli matematika, kaahlianana kana modes anggoan, alias tukang ngaput, sareng nabi Idris anu nyandang gelar ASADUL USUD – macan ti saanteroning macan- jalaran Kangjeng nabi Idris mibanda kakiatan sareng kawantun oge kagagahan anu luar biasa.
            Risalahna nabi Idris , anjeunna anu mangeran ka Alloh swt., tegesna tukang ibadah ka Alloh, tur ngabebaskeun diri tina siksa akherat , ku cara nyeueurkeun amal soleh di ieu dunya.
Prilakuna Kangjeng nabi Idris juhud tur adil, tukang marentahkeun ka umatna geusan ngalakonan sholat, sapagodos sareng ajaranana, nyakitu deui milampah puasa dina poe anu geus ditangtukeun dina unggal bulan. Nyakitu deui ngawajibkeun jihad, marentahkeun ngaluarkeun zakat harta banda, geusan mikanyaah kaum nu lemah .
Akhlaqna Kangjeng nabi Idris kalintang mulyana, boro ampar ka bangsana, dalah ka makhluk sejen , anjeunna ageung pisan perhatosanana. Tapi teu weudeu ku kitu, sok sanaos dicontoan di kokojoan, geusan ngalakukeun kahadean, ari pikeun umat-umatna mah, kalintang pisan sakeudikna anu nuturkeun ka anjeunna. Ku kaayaan samodel kitu Kangjeng nabi Idris sareng kaumna ngantunkeun kota mesir
Sakumaha anu parantos dicarioskeun tadi, yen Kangjeng nabi Idris teh mibanda sifat duedeuhan, nyaahan, welasan, asihan, tina sapalihna ulama ahli riwayat ngariwayatkeun kieu :
Dina hiji dinten sakumaha kabiasaan anjeunna, damel sadinditenna, ngamodis anggoan alias ngaput, meureun bisa wae ngadesain model jeung potongan, anu tangtu hal eta dipidamel ku Kangjeng nabi Idris di lebet bumi.
Barang pareng anjeunna kaluar ti bumi, karaos ku anjeunna hawa teu kinten panasna. Ku kaayaan samodel kitu anjeunna kagungan emutan : Aing anu sakieu jauhna kana panon poe, panasna sakieu karasana, sok komo teh teuing malaikat anu ditugas ngagusur panon poe, pisakumahaeun teuing panasna.
Lebah dieu katawis perhatosan sareng adiyarsana Kangjeng nabi Idris, bujeng hingga ka kasaasama papada manusa, dalah kanu lain sasamana  jeung lain bangsana sakitu ageungna perhatosan Kangjeng nabi Idris, anu mawi ceuk dina salah sawios riwayat, amalna Kangjeng nabi Idris diangkat unggal dinten saseueur makhluq nu aya di bumi , awahing ku sae-saena.
Nyambung deui kanu tadi, sariring gudag gedig, sarengkak lungkah lengkah, diuk nagtung teu weleh alum, cai asa tuwak bari, kejo asa catang bobo, henteu jongjon pipiosan, henteu tintrim lamun cicing, indit lain cicing lain, ari anu jadi marga lantaran ras ku ngemutkeun sakumaha repotna malaikat anu ku Gusti ditugas ngalempangkeun panon poe, sedeng aing bae anu aya di muka bumi sakieu ngarasa panasna.
Tina awahing tarikna perhatian, ageungna peraosan, timbul tina kalbuna, datang tina manah kawelasna, anu antukna disada lisan anu istilahna anjeunna ngadu’a : Kaulanun Gusti kalayan kamurahan sareng kawelas asihan Gusti, mugi dinten ieu panon poe sing karaos tiis ku malaikat anu ditugas ku Gusti ngaleumpangkeun ti masyriq dugika maghrib.
Cukang nu jadi lantaran akibat buah asbab, anu disarengan ku qudrot iradat sareng kakawasaan Alloh swt., dinten harita malaikat anu ngalempangkeun panon poe ngaraos kaget, aya naon poe ieu bet beda jeung biasana, estuning gajlig tina sasari, beda tina biasa, asa nikmat-nikmat teuing. Ieu malaikat tumaros ka Gusti nu Maha Suci , naon anu jadi marga lantaran ?.
Sihoreng simana horeng du’ana kakasih Gusti, yen nabi Idris nancebkeun galeuh kadeudeuh, nalikeun wijining asih, nyimpay kanyaah ka malaikat anu ditugas ku Alloh. Kukituna ieu malaikat hoyong males kasaean, neda widi mugi Gusti ngawidian, abdi saur malaikat, hoyong paamprok jonghok , muwajjahah, biantara sareng jalmi anu perasa.
Kalayan kamurahan Alloh swt., eta malaikat kengeng widi nepangan Kangjeng Nabi Idris as., kalayan namleg saperti jalmi. Saparantos amprok sareng Kangjeng nabi Idris, ieu malaikat ku Kangjeng nabi Idris, kumargi tos janten kabiasaan saari-ari, bujeng hingga kanu nembe tepang, dalah ka tamu biasa oge, Kangjeng nabi Idris teu weleh nawisan tuang. Sareng nabi Idris ngajak jalan-jalan. 
Namung heuleut sababaraha jam, karaos ku Kangjeng nabi Idris seueur kaanehan, anu antukna Kangjeng nabi Idris ageung ka panasaran. Pilahir Kangjeng nabi Idris : Saumur kaula hirup kakara kaula pendak sareng tamu anu sapertos salira, manawi henteu nyiwit kana ati, teu nyinggung kana kalbu, henteu matak jaheut manah, sim kuring seja blak-blakan, ari salira teh anu saleresna saha ?.
Ku ditaros kitu , ieu malaikat terus terang yen anjeunna malaikat, anu maksad hoyong males kasaean, ceuk eta malaikat : Geusan nyieun imbalan tina kasaean perhatosan salira, sim kuring nawisan naon kapalay, mudah-mudahan Alloh swt., ngawidian.
Ana seug teh nabi Idris ditawisan kitu, lain hayang beurat beunghar, teu deuk mikir-likir duit, tapi pamundut nabi Idris, hoyong pendak sareng malakal maot.
Ceuk dina riwayat, eta malaikat diwidian cuti salami opat dinten, dina dinten kahiji nabi idris mundut hoyong tepang sareng malakal maot. Kalayan saparantosna amprok nabi Idris nyuhunkeun ka malakal maot, hayang ngasaan dicabut nyawa, bari jangji, engke dimana geus maot hayang hirup deui.
Anu salajengna kalayan widi Gusti, paneda Kangjeng nabi Idris dikabulkeun. Saparantos biasa deui, hirup sabihara bihari, eta malaikat naroskeun ka Kangjeng nabi Idris, kumaha karaosna eta maot ? . waler nabi Idris : Nyerina eta maot lamun meunang dimisilkeun, sarua jeung domba disisit memeh dipeuncit, malah lamun dibandingkeun nyerina saratus tikelen domba disisit hiru-hirup.
Nguping penjelasan nabi Idris kitu, malakal maot ngaraos kaget. Ceuk malakal maot : Sayaktosna abdi can pernah nyabut nyawa makhluq Gusti sapertos nyabut nyawa salira, dina pada apikna. Boro ampar duragdag durugrug, malah eta nu karaos ku salira panghalus-halusna.
Sawangsulna giliran nabi Idris tumaros : Dupi salira bari aya dihareupeun kaula, kumaha tugas nyabut nyawa ?. Ceuk eta malaikat : Keur dimana bae jeung Keur  jeung saha bae kaula teu eureun-eureun digawe, tadi , ayeuna jeung engke, kaula nyinghareupan makhluq Gusti, taya bedana jeung salira nyinghareupan hidangan, mana anu ditugas ku Gusti, ku kaula rohna dicaplok.
Saterusna , ayeuna salira rek mundut naon  ?. Pilahir nabi Idris : Upami leres salira bade ngadamel kasaean, sim kuring kacida pisan hayang nyaho jahanam. Kalayan widi ti Ilahi, Nabi Idris kengeng widi lebet kanu disebat naraka Jahanam, kalayan ku Alloh ditingalikeun anu eukeur jeung anu karek cadangan.
Samulihna ti jahanam, ieu malaikat tumaros, kumaha kaayaan naraka jahanam ?. Pilahir nabi Idris : Kaula henteu bisa ngagambarkjeun, ngan tina sawarehna, boro ampar jinisna jeung jerona, dalah karek ku angseuna anu anggangna rebuan mil, karasa ku kaula matak katurelengan, sok komo diburuanana, geus puguhning di jerona, moal ka ukur ku lamun, moal kagambar ku kira-kira. Mun tea mah eta jahanam bocor, ka alam dunya, entong gede sagede cingir, dalah sarua jeung liang jarum, ieu dunya bakal ancur.
Pilahir malaikat : Geusan punah kana manah, mamrih tingtrim kana pikir, tawisan mung hiji deui, ayeuna salira palay kumaha ?. Taaaaaah…….. mun kari hiji deui mah abdi hoyong terang anu disebat jannah, sakalian neda widi hoyong unggah.
Kalayan kamurahan Alloh swt. harita permohonan Kangjeng nabi Idris dikabulkeun, geusan ningali kaayaan syurga. Atuh nembe ngangseu seungitna bae, katingali Kangjeng nabi Idris gilig salirana ngadadak hegar, budi parangina manis, wajahna ceria, ceuk nabi Idris : Yeuh malaikat, keur kaula jauh-jauh kudu asup, dalah dina taman ngarasa betah, tapi sakumaha jangji, widian sim kuring unggah.
Barang Kangjeng nabi Idris bade unggah ka lebet syurga, ceunah sendalna, tarumpah atanapi bakiakna Kangjeng nabi Idris dilaan dihandapeun tangkal kai nu aya di eta taman. Salami di lebet syurga Kangjeng Nabi Idris, sanes wungkul ngaraos betah, tapi emutanana marudah, mun tea mah aing kudu balik deui ka dunya nu barau tai, asa kacida pisan kacingcirihi, ngan lamun teu ngilu deui balik, meureun ku malaikat disebut licik.
Lebah dieu aing kudu mikir bari telik, geusan alesan ka malaikat, mun pareng malaikat ngajak balik. Keur manteng ngemutan alesan, malaikat sasauran : Punten jalaran ku mangsa, kapotong ku waktos, wanci anu bakal nyapih, rupina mugi ulah kajongjonan, seep waktosna permohonan, mangga ayeuna mah urang mulih deui, sagala pamundut salira parantos laksana.
Nabi idris ngorejat, jigah nu kaget, saurna : Mangga. Mudah-mudahan abdi ulah kalebet tina sapalihna jalmi anu licik. Ku awahing ka purba ku kanikmatan, kasilep ku kaajaiban, dugika hilap deui tutundaan, malih ceuk sapalihna rowi mah aya unsur kasengajaan.
Di tengah perjalanan , Kangjeng nabi Idris ngajengkeun permohonan , rehing tarumpah di taman surga kakantun. Neda widi sim kuring rek balik deui. Anu ngantos kabangblasan, nu diantos kajongjonan, ditunggu-tunggu teu cunduk, dianti-anti teu hadir, nu diantos teu daek jol, antukna malaikat teh nyusulan.
Sihoreng simana horeng, nu diantos raos-raos, nu dianti suka seuri, paingan ditunggu-tunggu teu muncul, Nabi Idris guligah tur senang manah, laksanan emas laksanan bulan purnama, sampurna sagala rupina, saur malaikat : Ya Nabiyalloh, sumangga ayeuna mulih. Saur nabi Idris : Bade naon abdi balik, mangga wae malaikat, bawi raos sim kuring tadi teu licik, sapengkeran anjeun ngiclik, sakur makhluq anu hirup bakal ngarandapan maot, sakumaha pilahirna sang Kholiq :
كل نفس دائقة الموت
Mugi salira teu lepat, abdi mundut pangpayuna hoyong maot, piraku geus ngarandapan kudu malikan, mo jalir jangji Pangeran. Kaduana diterangkeun pidawuh Gusti Pangeran:
وان منكم الا واردها
 “Jeung  teu aya saurang oge diantara maraneh, anging kudu ngaliwat heula ka dinya , tegesna naraka”.

Sedeng sim kuring kapan geus kungsi datang, piraku kudu ngadatangan deui . nyakitu jangjina nu Maha Suci, pilahir Ilahi Robbi :
وماهم منها بمخرجين
“Sarta maranehanana moa dikaluarkeun ti dinya , tegesna syurga.”

Ayeunas kaula geus aya di ieu syurga, paralun ngalawan nu Maha Agung, pamali jalir ka Nu Maha Suci, taya niat kaula kaluar deui, sakumaha katerangan pilahir Anjeunna, bawi raos bade mulih mah, mulih bae salira.  Keun bae antepkeun sim kuring aya di ieu tempat, hatur  nuhun kana sagala rupi bantosan, perhatosan, kalayan kasaean salira . mudah-mudahan Alloh nampi.

Kabingung sagede gunung, susah nu luar biasa, kumaha pipetaeunnana, di lain-lain da enya, di enya-enya da puguh lain, diheueuhkeun lain bener, disalahkeun puguh enya,  dek ka duhung henteu alus, lamun nyeri jalir jangji, taya jalan pamojokan, puncak sagala urusan iwalti Allohul Mannan, eta malaikat teras unjukan, ngalaporkeun sagala hal kajadian, anu antukna memang eta mah ukur lantaran, saenyana manehna geus jadi cadangan, anu bakal ku manehna dieusian. Atuh parantos kitu mah, nabi Idris linggih di eta syurga abadan abada.
Dupi lamina Kangjeng nabi Idris ngemban tugas di muka bumi ieu, kirang langkung dalapan puluh dua taun. Anjeunna kalebet rundayan Kangjeng nabi Adam as. anu kagenep. Nu ramana jenengan Yazid putrana Mikhlail bin Oinan bin Anus bin Sits bin Adam as.
Nya anjeunna pisan katurunan nabi Adam as. Anu pangpayuna nampi kurnia Gusti janten nabi saba’dana Kangjeng Nabi Adam sareng Nabi Sits, anu saur sapalihna riwayat mah tetep renggenekna Kangjeng nabi Idris teh di Mesir. Anjeunna ditugas da’wah geusan nganjurkeun agama Alloh, tegesna umajak geusan sadaya bangsa manusa tauhid ka Gusti tur nyalametkeun diri tina siksa jaga jeung tina kamadaratan dunya.
Diriwayatkeun ku sapalihna rowi, diantarana anu jadi ugeran atanapi nasehat nabi Idris ka umat, kahiji : kasabaran anu dibarengan ku iman  ka Alloh, eta bakal mawa kana kasuksesan. Kadua : jalma anu bahagia eta jalma anu rendah hati tur miharep pitulung Alloh kalawan ngalobakeun kahadean. Katilu : lamun anjeun nyuhunkeun ka Gusti, eta kudu dibarengan kurnia anu ikhlas karena Alloh, nyakitu deui dina sagala tingkah laku lampah anu disebut ibadah. Kaopat : kade ulah sumpah bari kaayaan bohong, jeung ulah menta sumpah ti jalma anu bohong, sangkan ulah kabawa salah. Ka lima : sing ta’at ka pamarentah, tunduk kanu jadi papayung agung, sarta pinuhan ucapan ku syukur jeung muji ka Gusti.
Kagenep : ulah sirik pidik kana ka mujuran batur, sabab eta kamajuan moal lila jeung salalawasna. Katujuh : sing saha anu ngaliwatan kasederhanaan, eta moal ngarasa kacukupan. Ka dalapan : anu tara ngabagi ni’mat anu katampi ti Gusti eta rengrengan jalma nu teu bisa syukuran.
Jadi diantawisna turunan Kangjeng nabi Adam sareng babu Hawa, eta aya anu hirupna pindah-pindah tempat, milih-milih rabi, mindah-mindah rasa geusan neangan kasinugrahaan, anu tangtu ku cara kitu, ieu manusa seuweu siwi Kangjeng nabi Adam sareng babu Hawa, beuki lila beuki nambahan, anu lain wungkul  populasina, tapi wilayah jeung daerahna oge beuki nambahan, anu akhirna sanggeusna sababaraha abad, ieu dunya jadi rame ku manusa.
Ti abad ka hiji nepika abad ka lima, numutkeun Sayyid Sa’id nu katampi ti shohabat Qotadah, kahirupan mangsa harita beunang disebutkeun adem ayem paripurna, aman tur tentrem dina kahirupanana, kalawan mibanda kapercayaan anu bener , numutkeun sakumaha ajaran Kangjeng nabi Adam sareng babu Hawa.
Tapi dina abad-abad saterusna nyaeta kira-kira turunan nabi Adam anu kagenep, mimiti muncul karuksakan aqidah, ajaran Kangjeng nabi Adam mimiti dipopohokeun, anu antukna timbul sagala kakacauan. Silih siku silih deku, silih poyok silih logok, silih ejek silih ledek. Mimiti pahiri-hirian, pagirang-girang tampian.
Diriwayatkeun ku ‘Atiyyah nu katampi ti Ibnu ‘Abbas ra. saur anjeunna : manusa dina waktu ngawitan dikantun ku Kangjeng nabi Adam, kaayaanana mulus rahayu berkah salamet, bari arariman tur aman. Sanggeus gilir ganti generasi, dina kurun anu ka genep , jalma harita taya bedana jeung sato, lir jalma anu teu mibanda akal.
Ku kaayaan saperti kitu, saterasna geusan ngomean eta kaayaan, Gusti Aloh anu Maha Rahman, ngutus sapirang-pirang nabi sareng para rusul, geusan ngajaring ngaping, ngatik ngadidik nganepikeun kabar pibagjaeun jeung ngabewarakeun akibat picilakaeun. Nya nabi anu diutus pangpayuna teh Kangjeng nabi Idris as.
Saparantosna Kangjeng nabi Idris diselir ku Gusti, ditampatkeun di tempat anu mulya, atuh kaayaan manusa mangsa harita balik deui kana akhlaq talajak anu jahat, hirup kumbuh dina kaayaan bodo, taya bedana jeung kebo, ngan pedah henteu kabehanana kitu, aya oge diantarana anu mibanda akhlaq anu mulya, anu jadi tumpuan sarerea, anu jadi uswah pikeun umat, nya diantarana aya lima jalma anu dianggap masyhur waktu harita, anu jenenganana :
1.      Wad
2.      Suwa
3.      Yagut
4.      Jaup, jeung
5.      Naser
Numutkeun riwayat nu katampi ti Hisyam, eta anu limaan pupus babarengan dina hiji bulan, nepika ngajadikeun hiji kaanehan, sok komo keur para sobat jeung karabat, nyakitu deui ka rengrengan keluarga aranjeuna jeung para pecintana.
Atuh kajadianana matak ibur unggal lembur, nambah embar unggal desa, anu temahna ku maotna eta nu limaan, anu dianggap pang sarolehna dina waktu harita, jadi kahoncewang urang kota, jadi karisi nu di sisi, wuwuh bingung urang kampung, nambah riweuh urang dayeuh, loba jalma nu tugenah, pipikiran teu merenah, para gegeden saleber, anu leutik sararedih, nu benghar beuki nalangsa, nu miskin beuki prihatin, lir hayam paeh indungna, lir sirung layu tangkalna, ilang geusan pamuntangan, taya keur kumahaaneun, loba nu katurelengan, loba nu puyang payengan, nu asih ditinggal balik, nu cinta dikantun angkat, keur meuemeut beut ditinggalkeun, lima kadeudeuh areuweuh, kuru ati kajangjawing, awak begang ngarangrangan, ari ras ka saha nitipkeun diri, kamana nyangsangkeun badan, euwewuh figur tuturkeuneun, taya imam turutaneun, nu lima eta ajengan , maotna ku sasarengan,
Harita ukur ngagimbung bari teu puguh, silih jenggut jeung nu dugul , silih bantu jeung nu lumpuh, sarua jeung nginjeum sirib kanu nyair menta dahar kanu lapar, nginjeum duit kanu kawin, buahna ukur pateuteup beungeut pakumaha jeung kumaha.
Tidinya torojol nu rada nonjol, nu dianggap rada kolot, ngomong bari popolotot, mere saran jeung pandangan, kitu oge susuganan, dulur sapuk mufakat jeung masyarakat : kuring boga pamikiran keur urang palampiasan, nemrakkeun rasa kacinta, ciri wanci asih ati, geusan keur urang nareang, mun pareng kahayang datang, kumaha lamun eta nu limaan ku urang urang ayaan, carana make gambaran, ngan anggerkeun dina ngaran.
Atuh sadaya dulur satuju, mufakat karabat sobat, dianggap manehna hebat, kari manggil tukang mahat, anu akhirna kalawan kasepakatan para karabat, urun rempug dulur-dulur, eta jalmi anu dianggap pangsolehna teh dijiplak, digambar terus dijieun patung, nya harita pisan awal mula di ieu dunya ayana arca, kalawan dibere ngaran sakumaha aslina , nyaeta Wad, Suwa, Jagut, Jaup sareng Naser,
Numutkeun katerangan At Tobari eta nami  nu disebatan nembe parantos dita’rifkeun nyaeta  di bahasa Arabkeun. Tegesna parantos di Ibranikeun tina bahasa aslina.
Ti mimiti dijieun eta patung dina abad anu kahiji pada maruji, dijarugjug kunu jauh, ditareang kunu anggang, dideugdeug kunu dareukeut, ditingali dihurmati, disanjung di dama-dama, sakapeung mah make basa-basi jalma, eta kitu kajadian dina abad nu munggaran.
Dina abad nu kadua, tedak laku jadi beda,  ayeuna mah ditingkatkeun, lain ukyur diramekeun, dirarambu dirurumbe, make dongeng nu harade, carita direke-reka, dilukis kunu arunik, geusan manusa katarik.
Dina abad nu katilu, mimiti jalma kaliru, ayeuna mah timbul dogma, nonjolna sagala mitos, jeung kapercayaan nu sifatna mistik, pamadegan sarerea, pangna ku kolot urang eta patung pada ngahurmat, jeung pada ngadatangan, lantaran sok mawa kauntungan, anu antukna eta patung anu limaan, ku maranehna dianggap pangeran, disembah jeung disujudan, nyakitu disuhunkeun pertolongan.
Gilir warsih hapus taun, ti abad ka abad deui, saur Ibnu Kalbi, katampi ti Ibnu Sholih, numutkeun Ibnu ‘Abbas ra., ti harita salami dua belas abad , sadaya manusa sarempak ti budak nepika kolot, awewe reujeung lalaki, benghar fakir cacah menak, salila dua belas abad eta manusa ibadahna wungkul ka patung, rupa-rupa pameta, warna-warni pagawean, aya anu make menyan, anu nyuguh jeung sasajen, minangka na mah syukuran. Aya  nu ruku nu sujud, aya nu acung-acungan, nyembah teu make aturan.
Ku kaayaan sarupa kitu, nya tidinya Alloh ngutus hiji nabi geusan ngaping ngajaring ngatik ngadidik , ngamaslahatkeun umat, nu jenenganana nabi Nuh as.

KANGJENG NABI YAKUB AS.

Dina hiji waktos , Kangjeng nabi Yakub as. nuju anomna kantos dumeuheus ka ramana Kangjeng nabi ‘Ishak as. anu wangkid harita kaayaan Kangjeng nabi Ishak as. anu teu kinten parantos sepuhna. Maksad Kangjeng nabi Yakub as. bade ngadu ka ramana , dumeh parantos teu kiat ku tindak tanduk anu janten saderekna.
Saur Kangjeng nabi Yakub as. : Anumawi abdi dumeuheus ka ama, teu aya lintang mung kajabi seja ngunjukkeun kaayaan pun dulur, teu weleh sindir sampir  sindang siloka. Kantenan saba’dana nguping ama sok sumanggem kalayan ngadu’akeun ka abdi, sing diberkahkeun ku Alloh, kalayan dipaparin kahirupan anu maslahat tur manfaat, bari sae balukarna. Saur ama, sing jadi raja nu turun tumurun kalawan salalawasna aya dina panangtayungan Alloh swt. .Sing gumulur ku rahayu , sing ginanjar ku berekah, jadi jalma anu bagja dunya keung akheratna.
Ti harita pun lanceuk duanana ka jisim abdi teu kinten ngahinana, dilak mata jebi biwir, mun nyarios teu weleh sombong, sakapeung mah wanton ngancam, ngaledek sareng nyeceleh, ngadilakan ngareuhakan. Keding biwir jeung jejebris, baeud sebel bari geuleuh, sok komo anjeunna kagungan isteri geulis laur tangtung, hurung herang seueur harta, ditambih ku putera-puterana.
Tina kituna awon kapiunjuk, bawiraos henteu ngajaheutkeun kana manah ama, pamugi tiasa nganasehatan ka pun lanceuk , supados ulah kitu-kitu teuing, sok sanaos bari kaayaan abdi sepi harti, suwung elamu , tuna tina pangaboga, heureut pakeun pungsat bahan, lieuk euweuh ragap taya, henteu harta teu kaboga, teu gaduh bojo-bojo acan.
Abdi percanten ama salalamina diasuh ku wahyu , diaping ku Ilahi Nu Maha Suci. Kinten-kintena kedah kumaha, sareng kumaha pisaeeunana. Bobot pangayon timbang taraju, bijaksana sadayana aya di ama. Naha pun lanceuk anu ku ama bade diwawadianan atanapi abdi anu kedah ngalengkah nyingkah ti ieu tempat. Jalaran karaosna ku abdi parantos pegat tali kasih sayang, parantos hancur duhung nu jadi dulur. Sajabi ti abdi parantos teu kiat, atuh kanggo pun lanceuk oge hawatos upami abdi masih keneh katingali ku aranjeunna.
Nguping kasauran  puterana kitu, Kangjeng nabi Ishak as. teu kinten ngangres manahna kagagas, emutanan jadi rusras, nyoreang nyawang mangsa katukang, ari ras nilik kana kaayaan, anu sakieu geus alah batan, waler Kangjeng nabi Ishak as : Sakumaha anu kabandungan ku hidep, dina danget ieu kaayaan ama geus sakieu kolotna, awak reyod bari bongkok, cetuk huis kulit peot, mata lamur ngomong ngawur, ceuli torek leumpang ge geus ngadaredeg. Kukituna keur ama asa teu tega lamun tea mah ama mulang ka alam baqa bari keur kaayaan hidep anu sakitu . Sedeng ama boro ampar makelatkeun nu jadi anak dalah ngalengkahkeun suku oge geus ampir teu kuat.
Kukituna geusan hidep pinanggih jeung kabahagiaan, seug turutkeun ieu caritaan, hidep wayahna nandangan katunggaraan. Isuk miang tepungan nu jadi paman, wayahna hidep kudu ka Iraq, teangan anu disebut nagri Paddan Araam.
Dimana geus tepi kadinya , tanyakeun ku hidep  paman hidep sorangan, adi ama anu wastana Labban Ibnu Batwail. Terus tepikeun salam ti ama, jeung pek ku hidep kawin putera awewena. Insya Alloh sakumaha anu diharepkeun ku hidep bakal tinekanan, kalawan hidep bakal pinanggih jeung kahirupan anu pinuh ku kabahagiaan. Seug ku ama didu’akeun, sing salamet diperjalanan, sing nepi kana puncakna tujuan.
Atuh nya kitu deui ama dua’akeun sing dipaparin umur panjang, sahingga ama bisa ningali jeung nyaksian hidep dina kaayaan kabahagiaan. Bral bawa cita-cita anu mulya, kalawan bekelna tawekal ka Nu Maha Kawasa.
Atuh geus kitu mah, Kangjeng nabi Yakub as. henteu seueur nu diemut, lir mobok manggih gorowong, manggih jalan hamo meuntas, lir monyet ditarajean. Anu katingal ku anjeunna mung cita-cita anu dipikahayang, hayang ngabuktikeun paneda sareng pidu’a nu janten ramana.
Teras najeunna tatan-tatan seja miang ngantunkeun banjar karang panineungan, paturay tineung jeung padumukan, angkatna taya anu  ngarencangan, ngajugjug ka kampung Paddan Araam.
Sedeng lalakon anu kedah ku anjeunna ditempuh, sanes mung ukur sa jam dua jam, nyakitu deui mapay gurun sahara, tegal si awat-awat, anu teu aya tiding aling-aling , sumawonna mun tatangkalan. Lamun siang  kabelentrang, kapeung-kapeung batu nu didampal tos mangrupi ruhak tina awahing ku panas.
Salami di perjalanan, damelna Kangjeng nabi Yakub as. , pami siang istirahat, mun wengi ngeureuyeuh angkat. Ti dinten kadinten , estuning nandangan lapar sareng hanaang, ditambih ku panas anu teu kinten.
Dina hiji dinten, Kangjeng nabi Yakub as. dicobi ku Gusti kalayan ngaraos lapar sareng hanaang, ampir teu kiat ngangkat sampean. Ngawitan manahna waswas, naha mending dituluykeun, atawa boboleh ngarasa eleh. Ari rek maju geus taya tangan pangawasa, rek balik deui kadorong ku cita-cita.
Keur dina kaayaan puyang payengan kitu, katingal ku Kangjeng nabi Yakub as. aya batu ageung anu ceuk pangemut anjeunna, merenah lamun istirahat dihandapeunana, alakadar ngiuhan salirana tina panasna panon poe.
Teras anjeunna angkat nyaketan eta batu, sulangkar salingker milarian kalangkang batu anu ngiuhan. Tina awahing ku cape jeung lungse, seep tanaga taya tangan pangawasa, anu antukna anjeunna kapulesan.
Dina salebet anjeunna kulem. Anjeunna ngimpen kalayan ditingalikeun ku Gusti kana balukar anu bakal karandapan, jeung lalakon anu bakal kalakonan, anu kurang leuwih eusina eta impenan wungkul kabungah anu kasinghareupan.
Cindekna mah kahirupan anjeunna jeung turunan anjeunna bakal jadi jalma anu meunang kabagjaan boh lahirna boh batinna, nyakitu deui bakal boga turunan anu mulya. Nya harita pisan ngawitan Kangjeng nabi Yakub nampi wahyu ti Alloh swt. tegesna wahyu anu pangpayunna katampi ku anjeunna, waktos nuju anjeunna angkat ti Syam ka Irak.
Barang anjeunna emut, teras ngararaoskeun kacape sareng kalungse, anu karandapan memeh sare, sareng ngemutkeun kajantenan anu cik keneh. Karaos ku salira anjeunna jagjag waringkas, anu tadina leuleus tur taya daya jeung upaya , ku qudrat iradat Alloh nu Maha Kawasa, leungit tebih ilang tanpa karana. Ngadadak salirana jagjag, atina gilig nu aya tinggal semangat, boro ampar hayang balik deui, anu jadi udagan taya liyan mung kajabi anu diwahyukeun ku Pangeran.
Atuh tidinya mah teras Kangjeng nabi Yakub as. mios deui cara sasari, siang istirahat, wengi anjeunna angkat. Anumawi Kangjeng nabi Yakub as. sok ditelahkeun disebatna Ashabul lail, wireh anjeunna sawewengi tara sare, dimana parantos panas pisan, nembe anjeunna ngareureuhkeun kacape.
Jauh teu burung cunduk, anggang teu burung datang, dikenyang ku cita-cita, dijurung ku wahyu nu Maha Agung, akhirna Kangjeng nabi Yakub as. pameunteuna ningali barudak angon anu keur ngaping angonana, sareng katingali ku anjeunna, sing jarumpluk tatangkalan. Manahna guligah bingah, jigana geus moal salah, mimiti tepung jeung kampung,  bakal panggih jeung cai.
Beuki caket beuki atra, pilemburan cing jalumpluk, pepelakan hejo ngemplo, ingon-ingon rayap keur nyaratuan, teras anjeunna nyaketan bari jeung unjuk salam, naroskeun nu disebat Paddan Araam. Bingah amarwata suta, bingahna kagiri-giri, dumeh nu dimaksud geus nepi,  syaratna ngan hiji deui milarian anu janten paman.
Kalayan pitulung Alloh swt. sihoreng anu janten pamanna teh sanes jalmi jore-jore, naroskeun teu hararese.  Sakur jalmi anu ku anjeunna ditaroskeun, ampir sadayana kenaleun.
Sihoreng hewan anu rapang di lapangan, domba anu diaping diangon ku masing-masing, eta sadayana kagungan Syekh Labban. Teras eta budak angon dicaketan, maksad bade naroskeun Syekh Labban, sakur nu ditaroskeun ku Kangjeng nabi Yakub as. sadayana terang sareng kenal ka anjeunna, malah ceuk budak angon anu sawarehna : Bilih palay terang ka Syekh Labban, kaleresan aya puterana nu nuju ngangon, saena mah tepangan wae eta murangkalih, tuh murangkalih isteri anu nuju ngiuhan, eta teh puterana Syekh Labban, jenenganana Rahil.
Atuh tos kitu mah manah Kangjeng nabi Yakub as. beuki guligah, teras eta murangkalih isteri ku Kangjeng nabi Yakub as. disauran bari diunjuk salamaan, bari anjeunna panca kaki ka eta murangkalih isteri, nerangkeun yen satarabasna antara urang duaan masih keneh sakokocoran, tegesna sa nini sa aki. Jadi akang ka tuang rama teh pernah paman, kukituna  upami henteu matak kaabotan, kumaha upami akang nyuhunkeun dianteurkeun ka tuang rama.
Rahil ngaraos bingah , bujeng hingga ngaraos kaabotan, malah mah bingah pisan, ku ayana ku nabi Yakub as. diajak nepangan nu jadi ramana. Ti tegal pangangonan, sapanjang jalan, boh Kangjeng nabi Yakub as. nyakitu deui Siti Rahil, dina manahna aya kontak batin, anu lamun ceuk bahasa budak ngora mah aneh bet katarik birahi kapentang asmara, duanana ngaraos aya sifat bogoh.
Teu kacatur dijalanna dibujeng bae ringkesna, duanana parantos dugi ka bumina Syekh labban, teras Siti Rahil unjukkan  yen aya nonoman anu  ngangken ka bapa paman, cenah mah lembur matuh dayeuh maneuh , banjar karang pamidangan, asalna ti nagri Kana’an.
Barang nguping kasauran Siti Rahil kitu, Syekh Labban anu teu kinten ngaraos bingahna, kaget campur jeung heran, lir nu ngalamun kagebahkeun, nyoreang mangsa katukang, dialam keur barurey, rai raka papisahan, anu geus mangpuluh-puluh taun pajauh, mang bulan-bulan paanggang, sagala kagambar riwayat waktu keur budak.
Atuh barang gok amprok oge Kangjeng nabi Yakub as. digalentor nyeepkeun rasa kasono, dikeukeuweuk ditatangkeup, dibageakeun dihiapkeun, Syekh Labban naros kumaha kaayaan sareng aya wartos naon, kumaha kaayaan tuang rama sareng sadayana para putera.
Barabat Kangjeng nabi Yakub as. ngadadar kaayaan kulawarga nabi Ishak as. bari sakantenan nyarioskeun pamaksadan ti awal dugika akhir, anu puncakna manawi geusan katampi sumeja sumerah diri, seja nyanggakeun panglamar, saur pun bapa teu samar, maksad seja mileuleuheungkeun ka tuang putera pun paman.
Sagala rupi pamaksadan Kangjeng nabi Yakub as. ku Syekh Labban estuning ditampi diastakalih, disangga dilingga murba, namung dina wangkid harita geus jadi ilahar masyarakat, mas kawinna kudu ngangon anu lamina salami tujuh taun. Dipasihan tanjakan sareng pasyaratan, Kangjeng nabi Yakub as. henteu ngaraos kaabotan, maksad ku anjeunna bade dijalankeun.
Anamung salah taksiran, sihoreng Siti Rahil teh puterana Syekh Labban anu pangalitna, jadi kagungan keneh raka anu henteu acan nikah, jenenganana Siti Layya. Anu jadi ilahar adat kabiasaan di kampung eta, tara nikahkeun putera isteri salami rakana can kagungan caroge.
Atuh kukituna ku Syekh Labban diterangkeun, sok sanajan geus kacumponan maharna tujuh taun, kulantaran lanceukna can boga salaki, wayahna kudu ngadagoan boga heula salaki Siti Layya. Ngan lamun Yakub rek ngaharep ka anak emang duanana, wayahna cicing didieu bari ngangon unggal poe kudu opat belas taun. Tidinya kakarek ku emang dikawinkeun ka lanceukna nyaeta Siti Layya, jeung ka adina nyaeta Siti Rahil.
Dipaparin syarat anu sakitu, ku Kangjeng nabi Yakub as. henteu ditawis deui, maksad bade dilakonan duanana, tegesna nya rakana nya rayina, bade ditikah duanana, kalayan bade ditebus mas kawinna ku ngangon domba salami opat belas taun. Jadi syare’at di zaman  harita, meunang ngawin dua dulur sakaligus.
Kangjeng nabi Yakub as. dipaparin tanjakan sarupi kitu ku Syekh Labban, estuning ditampi ku ati anu suci, ditarima ku manah anu jembar, henteu nawis satunjang beas, kalayan tekun jeung rajin, Kangjeng nabi Yakub as. mayar mas kawin.
Ti dinten ka dinten, ditumbu ku minggu, kagilir ku sasih, mang taun-taun Kangjeng nabi Yakub as. aya di Paddan Araam. Ngawitan ngaraos betah guligah, sugema manah bari ngantos-ngantos waktos. Anu akhirna lambat laun tinekanan, jumlah jamleh ayana di Paddan Araam jejeg opat welas taun, mayar mas kawin ku ngangon, anu tujuh taun mayar mas kawin Siti Layya, anu tujuh taun deui mayar mas kawin Siti Rahil.
Akhirna laksana emas laksana bulan purnama. Geus cunduk waktuna geus tuntas mangsana, geus niti kana wancina, geus datang kana ugana, kalayan diiring ku widi Gusti, disarengan kurniaNa , kalayan sapuk ibu ramana, Kangjeng nabi Yakub as. ngadahup ka putrana Syekh Labban.
Syekh Labban ka putera isterina anu parantos laki rabi maparin jariyah, lamun ceuk urang tea mah disebutna pelayan atawa lanjang, geusan ngahadaman, ka Siti Layya hiji, ka Siti Rahil hiji. Takdir ti Gusti , qudrat iradat Nu Maha Kawasa, geusan nyampurnakeun kana kakawasananana, eta lanjang anu dua , ditikah deui bae ku Kangjeng nabi Yakub as.
Jadi geurhana Kangjeng nabi Yakub as , buah tina ladang ngangon salami opat belas taun di Paddan Araam, sanes wungkul kagungan dua geurha, tapi kagungan opat geurha, margi anu ngahadaman ka Siti Layya sareng ka Siti Rahil , ku anjeunna ditikah duanana.
Tina hasil eta pernikahan, Kangjeng nabi Yakub as. dipaparin dua belas putera, ti Siti Layya genep, ti lanjangna dua, ti Siti Rahil dua, ti lanjangna Siti Rahil dua, janten dua belas putera, anu sok disebat Al Asbath.
Anu genep ti Siti Layya jenenganana , hiji Raibin, dua Sama’un, tilu Lawi, opat Yahuza, lima Yasir, genep Zabulon. Anu dua ti lanjangna Siti Layya jenenganana Jad sareng ‘Asir. Putera ti Siti Rahil jenenganana Yusuf  sareng Bunyamin, anu dua deui ti lanjangna Siti Rahil jenenganana Dan sareng Naftali. Janten sadayana putera Kangjeng nabi Yakub as. aya dua belas, sakumaha anu parantos diterangkeun tadi. Wallohu a’lam.

KANGJENG NABI LUTH AS.

Waktos Kangjeng nabi Ibrohim as. mios ngantunkeun Mesir, harita anjeunna angkatna disarengan ku kapi puterana anu jenengan Kangjeng nabi Luth as. Namung jalaran kaayaan sareng romantika kahirupan, situasi sareng kondisi, maksa antawis Kangjeng nabi Ibrohim as. sareng nabi Luth as. papisah tempat.
Kangjeng nabi Luth as. linggih di hiji desa nu disebat Saduum, anu masih keneh aya diwewengkon Palestina. Ari kaayaan masyarakatna di eta tempat, estuning toja’iyyah, patukang tonggong jeung hukum alam. Icikibung dina kakufuran, kokojayan dina kamaksiyyatan, berlomba-lomba dina milampah maksiyyat.
Leungit tina rasa silih asih, anggang silih pikanyaah, paburu-buru ngalajur nafsu, paheula-heula ngumbar amarah, silih jejek silih idek, silih logok silih tonjok, geus taya halodo panyadapan, pasea teh geus jadi pagawean. Maling jadi pagawean saari-ari, ngabegal geus jadi kabiasaan, siapa yang kuat , dialah yang dapat. Hirup jauh jeung aturan, geus teu nyaho di ugeran, jauh jeung hukum anggang jeung adat.
Leuwihna ti kitu anu paling panghina-hinana kaayaan manusa di eta tempat , di kampung Saduum tea, nirca nu luar biasa. Teu akur jeung prilaku anu baku, teu munasabah jeung akal nu sampurna. Lalaki ti mimiti kaum remaja, nepika nu disebut orang tua bogoh ka lalaki deui, anu jadi rebutan jeung jadi papaseaan di kampung eta lain wanita, tapi marebutkeun pamuda, para wanoja geus euweuh hargana.
 Geusan ngalampiaskeun nafsu syahwatna, kaum remaja bogoh kanu sajinis jeung manehna. Ngaran aya pamuda anu boga wanda, hade rupa saradula, eta geus pasti bakal jadi rebutan para nonoman. Di lingkungan maranehanana, kaum-kaum wanita nista , ngalampiaskeu kahayangna kapaksa milih bangsana.
Ku kaayaan nu sarupa kitu, geusan nyadarkeun ka eta kaom, Gusti Alloh ngutus utusan Anjeunna kalayan ngalangkungan wahyu . nya nu jaten utusan Gusti robbul ‘izzati wangkid harita Kangjeng nabi Luth as. pisan.
Ninggal galagat, kalakuan jeung kahirupan di eta tempat, Kangjeng nabi Luth as. kalayan ngemban tugas ti Gusti, ngaraos nyaah ka kaum-kaumna. Nya ieu pisan anu jadi marga lantaran Kangjeng nabi Luth as. henteu ngiring sasarengan sareng Kangjeng nabi Ibrohim as.
Ti dinten ka dinten, tumbu ku minggu, naratas bulan, anu antukna puluhan taun, Kangjeng nabi Luth as. umajak ka kaum-kaumna sangkan iman ka Alloh swt. kalawan ngarobah  adat kabiasaan kana kahirupan nu make aturan jeung ugeran anu ditangtukeun ku Pangeran.
Tapi……… uwar pangajak Kangjeng nabi Luth as., boro ampar parat kana hatena, malah teu didenge-denge acan. Sakapeung mah panggero sareng pangajak nabi Luth as. lain diregepkeun, malah diejek , diledek jeung diceceleh, aya oge anu terang-terangan nantang, lain ukur samet batur, malah isterina ku anjeun teu kersaeun iman.
Teu liren-liren Kangjeng nabi Luth as. kalayan pinuh ku kasabaran sareng katawekalan, taya siang taya wengi, umajak ka kaum-kaumna, anu hasilna namung sababaraha urang anu ngiring iman sareng anjeunna.
 Sisib ku jeumerit, dadas ku ikhtiyar, usaha satekah polah, anu antukna ngagalayah ka Gusti Alloh. Kangjeng nabi Luth  as. ngadu’a sangkan kaumna kengeng hidayah, atanapi dipaparin pangwarah.
Anu akhirna panyuhunkeun Kangjeng nabi Luth as. dikabulkeun ku Alloh swt. kulantaran hidayah mah teu dianggap, taya lintang mung kajaba Alloh nurunkeun pangwarah.
Ngawitanana Alloh swt. ngalungsurkeun para malaikat ka bumina Kangjeng nabi Ibrohim as. kalayan mangrupi jalmi biasa. Kumargi sakumaha anu kabiasaan Kangjeng nabi Ibrohim as. sok ngadama-dama semah, atuh ieu oge nya kitu. Disangki ku Kangjeng nabi Ibrohim as. eta para tatamu teh semah biasa. Lajeng disuguh, diugung-ugung, dihidangkeun tuangeun anu sarae. Namung aneh tuangeun teu aya anu ditampi, sahingga nimbulkeun kapanasaran ka Kangjeng nabi Ibrohim as.
Teras Kangjeng nabi Ibrohim as. blak-blakan tumaros satarabasna : Anu saleresna salira teh saha ?, bet benten sareng tatamu nu biasa.
Saur eta dua malaikat :  Kaula teh utusan Alloh anu ngahaja turun geusan nurunkeun siksa ka kaom nabi Luth as. Diwaler kitu ku eta dua malaikat, Kangjeng nabi Ibrohim as. reuwas anu teu kinten reuwasna. Salirana ngadadak piyas, bari emutanana rusras, ari seug di eta kampung Saduum aya kapi putrana nyaeta Kangjeng nabi Luth tea.
Bari nahnay lambeyna ngageter, maksadna nyuhunkeun ampun, neda sarantos manawi bahan katampi, unjukkan ka Gusti robbul ‘izzati, hoyong nyeepkeun kapanasaran.Sok inggis ku bisi, rempan ku basa, hoyong nyobian meakkeun dengkak, ikhtiyar satekah polah, mamanawian kersaeun insaf bari ariman.
Waler dua malaikat : Gusti Nu Maha Agung mafhum, sagala kajahatan kaasup kana pagawean mesum, moal aya pangmesum-mesumna perkara  iwal ti anu dilakukeun ku kaom nabi Luth as. anu ngakibatkeun  nutup hatena, moal narima kana nasehat, jeung moal butuh kana hidayah. Kulantaran  kalakuaanana nista leuwih ti sato, sato oge makhluk anu teu dibere akal, henteu pernah ngalakukeun sakumaha anu diparilampah ku maranehna, nyaeta urang Saduum tea.
Teu weudeu ku kitu, Kangjeng nabi Ibrohim as. teu weleh ngemut ka Kangjeng nabi Luth as. , teras ngusulkeun pertaosan ka dua malaikat. Saur Kangjeng nabi Ibrohim as. : Kisanak kumaha atuh nasibna pun anak jeung dua incu sim kuring ? naha maranehna bakal ngilu keuna ku eta siksaan ti Alloh?.
Saur eta dua malaikat : Insya Alloh anu matak sim kuring duaan datang geusan nyalametkeun Luth jeung para panganutna. Ngan diantara kulawargana anu moal bisa dibelaan ku kaula nyaeta geurhana ku anjeun. Lantaran eta isterina nabi Luth geus murka jeung ingkar kana pangwawadi ti nu jadi carogena. Malah manehna anu jadi germo tukang midang-midangkeun para jajaka. Kukituna salira oge sing tenang, nabi Luth jeung puterana katut para pengikutna ku kaula bakal disalametkeun, sakumaha parentah Alloh. Bandungan bae ku salira engke subuh.
Tidinya teras eta dua malaikat pamit ka Kangjeng nabi Ibrohim as. bade ngabujeng ka bumina nabi Luth as. nu aya didesa Saduum tea. Barang dugi kana wates desa, lebah pintu gerbang eta lembur, dua malaikat pendak sareng murangkalih isteri duaan. Teras eta dua malaikat unjuk salam ka eta dua murangkalih, naroskeun itu sareng ieu. Anu akhirna waleh maksad bade nyemah.
Ceuk eta dua murangkalih : Hapunten sanes abdi teu nuhun, namung kumargi kaayaan di ieu daerah kalintang pisan rawanna, benten sareng daerah nu sanes, didieu mah bujeng hingga ningali pameget sapertos salira, hurung mancur gumilapan, tur herang teja mentraan, dalah ningali lalaki eudeug seueul oge estuning pada marebutkeun. Sok inggis jadi balai, tumiba bahaya ka semah, rempan diperkosa warga, bawi raos sae sakedap antos, abdi sareng pun adi bade nepangan heula pun bapak, seja wawartos.
Sihoreng eta dua murangkalih isteri teh puterana Kangjeng nabi Luth as. teras eta dua murangkalih ngabujeng ka ramana, ngawartoskeun yen di tapel wates aya dua jajaka anu gindingna ka wanti-wanti, endahna kabina-bina, anu abdi duaan teu acan pernah ninggal pemeget karasep model anjeunna, anu maksadna bade ngiring ngerereb di imah urang. Ari abdi teu wantun gasik nampi jalaran sieun timbul pemerkosaan. Kanggo bobot pangayon timbang taraju , ditampi sareng teu ditampina nyanggakeun ka salira apa.
Nguping wartos kitu Kangjeng nabi Luth as. teu kinten ngaraos bingungna, sok inggis ngisinkeun, jalaran didaerah eta geus jadi kabiasaan , dimana aya pamuda anu alus wanda sok nimbulkeun papaseaan, lain ukur samet gelut, kadangkala tumpah darah, malah nepika nandang perlaya, akibat parebut jajaka, sakumaha anu tos dibabar tipayun. Ari teu ditampi hawatos mayunan wengi. Anu akhirna timbang taraju, nyandak kaputusan , keun ku bapak urang tepungan.
Teras Kangjeng nabi Luth angkat ku anjeun , nepangan dua tatamu nu ngatos ditapel wates, teras ku Kangjeng nabi Luth as. diterangkeun kaayaan prilaku di eta padesan.
Saur Kangjeng nabi Luth as. : Kantenan bingahna mah nu kalangkung, ku ayana sumping tamu ti nu jauh, anamung inggis ku risi rempan ku bahaya, sok komo maksad ngarereb. Dumeh kaayaan di ieu daerah benten sareng di tempat nu sanes, utamina para jajaka, prilakuna tos langkung ti nirca, sanaos sato henteu kitu-kitu teuing. Sok komo ieu mah tatamu anu sakitu sampulur, ganteng luwes bari kasep, tada teuing pada marebutkeunana. Sedeng bujeng hingga ninggal wanda salira, dalah ningali lalaki anu jajar pasar ge, didieu mah diparebutkeun, belaanan toh pati jiwa raga, geusan ngalampiaskeun nafsu syahwatna.
Kangjeng nabi Luth as. blak-blakan sumanggem ka tamuna kalayan satarabasna. Teras anjeunna ngawawadianan geusan ngajagi kasalametan. Teu sawios raden ku mama dihaturanan, namung sing saringset pageuh iket, sing caringcing pageuh kancing, jalaran sakumaha anu diwakca balakakeun ku mama ka salira tadi. Urang sadia payung samemeh hujan, ceuk paripaosna saban lengkah kuda-kuda, bilih bisi dirobeda,
Tunda anu nuju mapag tamu, kacarioskeun garwa Kangjeng nabi Luth as. waktos putrana wawartos yen aya tamu anu bade ngadon ngarereb, bari jalmina ganteng, nonoman tresnaning gegeden, sihoreng manehna ngadedengekeun. Atuh sabot Kangjeng nabi Luth as. mapagkeun tamuna, bojona mah ngabewarakeun ka sakumna para remaja, tatangga jeung baraya, yen ka bumina bakal kasumpingan tamu ginding bari kasep, terus ditatawarkeun.
Boro ampar anu deukeut, nu jauh ge diwawaran, atuh ku talajak garwana sarupi kitu, sateuacana Kangjeng nabi Luth as. sareng tatamuna dugi oge ka bumi, di buruan bumina tos ratusan jalma nu ngadagoan. Silih siku siluh deku, silih lipet silih jejek, silih logok silih tonjok, nu nyered pasered-sered, sok komo barang katingali sumping Kangjeng nabi Luth as. disarengan ku tamuna anu enyoy-enyoyan, puguh bae beuki heroy jeung kabongroy, teu saeutik anu ngacay, lir kuda ngencar gedogan, nu sesedek nu tetejeh, aya oge anu tipepereket.
Barang dugi ka buruan bumina, teras Kangjeng nabi Luth as. biantara, anu istilahna umajak ka kaum-kaumna sangkan babalik pikir, banting setir mapay jalan anu diridloan. Tapi kasauran Kangjeng nabi Luth as. bujeng hingga nepi kana ati, dalah kana ceuli oge ukur kadenge hawar-hawar. Anu balukarna lain ngagugu, sumawonna lamun insyaf, nafsuna beuki ngagugudug, amarahna ngalentab-lentab.
Kangjeng nabi Luth as. ukur aya kasempetan kanggo ngalangkung lebet ka bumina, teras sadaya panto di konci kalayan rapih, didinya gorowok deui Kangjeng nabi Luth as. umajak ka kaum-kaumna tina jandela bumina, sangkan iman ka Pangeran , ninggalkeun pagawean anu pinuh ku hinaan.
Tapi teu weudeu ku kitu, saurang oge kana kasauran Kangjeng nabi Luth as. teu aya nu malire. Anggur pok manehna ngaromong : Yeuh Luth, saenyana kaula sarerea euweuh selera jeung sama sakali henteu hayang jeung katarik birahi ku anak awewe anjeun, jeung kami sarerea geus teu hayang ngareretkeun mata kanu jadi pamajikan, anu dipikabogoh jeung dipiheroy ku kami para pamuda anu ngarora, sok komo ningali jajaka anu nyemah ka anjeun. Ceuk kami sarerea ngarah anjeun salamet, geuwat eta semah kaluarkeun, ku kami rek diteiankeun. Maneh Luth anu kudu mikir , naha mending imah maneh ancur, atawa mending semah sina kaluar.
Diawaler ku kaumna kitu, Kangjeng nabi Luth as. kalintang ngaraos ewedna, bingung anu kalangkung, sesah kumaha kuduna. Ari ras kasalametan tamu sareng putrana katut jalmi-jalmi anu ngiring ka anjeunna. Nya harita pisan eta tamu anu duaan teh blak-blakan.
Ceuk eta tamu : Yeuh nabi Luth , teu kudu rempan jeung risi, saenya-enyana kaula utusan Gusti, geusan nyalametkeun anjeun jeung kulawarga anjeun , katut jalma anu ariman ka anjeun, kajaba pamajikan anjeun. Kaula teh dua malaikat anu diparentah ku Alloh geusan nyalametkeun anjeun sarerea, sabab Alloh bade nurunkeun adab ka kaum anjeun , termasuk ka pamajikan anjeun. Ku hal sakitu hayu ayeuna mah buru-buru urang nyingkah ti ieu tempat . tuturkeun kaula, jeung poma anjeun sarerea teu meunang ngalieuk katukang.
Jeung omat  ceuk eta dua malaikat, usahakeun urang kaluar ti ieu desa samemeh subuh. Kalawan sakiceup mata nabi Luth as. sareng puterana anu dua katut para pengikutna tos lolos ti eta desa. Sedeng kasauran eta malaikat : Kade pamajikan anjeun ulah dibawa, sabab kaasup kana rengrengan jalma anu bakal narima azab ti Alloh swt.
Barang Kangjeng nabi Luth as. sareng sadaya pengikutna kaluar ti tapel wates eta desa, Alloh swt. nurunkeun siksa ka urang eta desa sakumaha du’ana Kangjeng nabi Luth as.
Mimitina ieu alam angkeub pinuh ku pepedut, terus eundeur handaruan, beuki lila ngageterna ieu bumi beuki tarik, dibarung ku hujan batu anu murubut, anu antukna eta desa kamles dibalik lemah, anu lamun ceuk dina Qur-an mah WAJA’ALA ‘ALIYAHA SAFILAHA. Tegesna anu luhur jadi kahandap, nu handap jadi kaluhur. Anu balukarna sadaya kaum nabi Luth as. nu aya di eta desa henteu nyesa saurang-urang acan, anu kantun nabi Luth as. sareng dua putera isterina diwuwuh ku para pengikut anjeunna. Ieu kajadian teh hiji ayat Alloh swt. anu bukti.
Tapi sok sanajan geus nemrak sagalana , geus natrat dina sajarahna, ku kawangkelangan jelema, loba keneh anu teu percaya. Malah dina ieu riwayat anu wajib pikeun urang salaku kaum muslimin , kana yen kudu nyucikeun jeung ngayakinkeun, yen para anbiya Alloh , eta diraksa tina sagala maksiyyat, jeung dijaga ku Alloh swt. tina tiba kana kadorakaan.
Ieu hal teh taya lintang mung kajabi dumeh anu nulis kungsi maca dina Bibel Perjanjian Lama, kajadian anu ka salapan belas ayat tilu puluh nepika tilu puluh dalapan, dina eta buku diterangkeun, saba’dana kaum nabi Luth as. ku Alloh swt. dimusnahkeun, cenah dua putera isteri Kangjeng nabi Luth as. kagungan emutan hayang gaduh katurunan, anu antukna ieu dua isteri putera Kangjeng nabi Luth as. masihan arak supaya Kangjeng nabi Luth as. mabok. Sanggeus mabok terus zinah sareng puterana, Na’udzu billah.
Urang salaku muslim wajib ngabogaan ‘aqidah jeung nyucikeun kana kasucianana para nabi. Teu mungkin para nabi ngalakukeun hiji perkara anu ku Alloh diharamkeun. Boro ampar nepi kana zinah, dalah karek maca samet ngaleueut arak oge , hate urang wajib ingkarna, sabab teu kasusul ku pangemut, henteu ditarima otak, eta tulisan nu aya dina eta buku.
Kahiji , ceuk dina eta riwayat anu ku Alloh disalametkeun, sanes mung wungkul Kangjeng nabi Luth as. sareng putera isterina, tapi sareng sadaya para panganutna, anu tangtu moal awewe wungkul, malah teu mustahil loba keneh lalaki batan awewe. Kadua, wajib ku urang ditolak, kulantaran eta tulisan teu akur jeung kanyataan. Katilu, urang geus nyaho yen para nabi eta anu ma’shum, tegesna dijaring diaping, dijaga diriksa, bakal disalametkeun tina sagala maksiyyat. Malah justeru pangna Kangjeng nabi Luth as. kaluar ti eta desa, kulantaran anjeunna benci jeung ingkar tina perkara mesum.
Jadi lamun aya anu wani nulis yen Kangjeng nabi Luth as. nginum arak, sok komo nepika dipaparah ngalakukeun zinah sareng puterana, wajib keur urang sarerea kana yen kudu ingkarna. Jeung neda pangraksa ti Alloh swt. kana yen moal percayana. NA’UDZU BILLAHI MIN DZALIK.
Ceuk dina eta buku, saba’dana kaum nabi Luth as. ku Alloh swt. dimusnahkeun dihujanan batu, jeung dibalik lemahkeun, anu nyesa tinggal puterana anu dua isteri wungkul sareng Kangjeng nabi Luth as. nyalira. Lebah dieu ieu sajarah mimiti disimpang siurkeun, saenyana Kangjeng nabi Luth as. diutus ku Alloh swt. geusan nganepikeun risalah anjeunna ka umat. Jadi tangtu sok sanajan sakumaha minimna, teu mungkin teu aya pengikutna. Jadi anu ku Alloh swt. disalametkeun dina waktu eta kajadian, sanes mung wungkul tiluan, tapi Kangjeng nabi Luth as., putera anu dua , ditambih ku jalmi-jalmi anu ariman , anu anut ka anjeunna , alias pengikutna.
Ku hal sakitu eta tulisan wajib ku urang kana yen kudu ditolakna, sabab teu rasional dina waktu harita , nepikeun ka teu aya lalaki hiji-hiji acan , kajabi nabi Luth as. nyalira. Leuwih henteu rasional deui lamun nyebutkeun nabi Luth as. ngaleueut arak atawa mabok , sumawonna nepika ngazinahan puterana, kapan pangna nepika kituna oge , ku ayana anjeunna benci kana tingkah laku lampah anu diulahkeun ku Alloh.